Sabtu, 08 November 2008


Kempelan Peribahasa (Paribasa) Basa Sunda

Adat kakurung ku iga = Adat nu hese digantina
Agul ku payung butut = sombong bari jeung teu mampu
Asa nanggeuy endog beubeureumna = Kacida nyaahna
Aya hate kadua leutik = kahayang disimpen na jero hate alias bogoh pisan tapi era rek ngomongna
Bali geusan ngajadi = Tempat dilahirkeun
Belang bayah gindi pikir = Boga pikiran goreng ka papada kawula
Bengkok tikoro = sial
Bengkung ngariung bongkok ngaronyok = Babarengan sok sanajan dina hina, rugi, atawa cilaka
Berehan = murah barang bere/dermawan
Beurat birit = hese dititah
Beurat nyuhun beurat nanggung, beurat narimakeunana = Pohara narimakeunana kana pitulung, ngan teu kawasa ngedalkeun ku lisan atawa tulisan, Anging Gusti nu ningali / uninga
Bobo sapanon carang sapakan = Aya kuciwana, lantaran aya kakuranganana atawa karuksakanana
Bonteng ngalawan kadu = nu leutik ngalawan nu gede
Bro dijuru bro dipanto ngalayah ditengah imah = beunghar / jalma jegud
Buah rag-rag moal jauh tina tangkalna = sifat anak moal jauh tikolotna
Buntut kasiran = medit
Caang bulan dadamaran = sia-sia (euweuh manfaatna)
Cikaracak ninggang batu laun laun jadi legok = Najan bodo asal leukeun diajarna lila lila oge tangtu bisa
Cileuncang mande sagara, Cecendet mande kiara, hunyur nandean gunung = Nyaruaan ka jelema anu saluhureun harkatna, darajatna atawa pangabogana
Ciri sabumi cara sadesa = Beda tempatna, beda deui adat jeung kabiasaanana
Dihin pinasti anyar pinanggih = geus lila ditangtukeun tapi kakara ayeuna dilakonan
Epes meel / meer = babarian / teu kaopan
Gede hulu = Sombong / Adigung
Gering nangtung ngalang - layung = Kacida pisan, nya biasana mun di pegatkeun ku awewe tah panyakit eta teh
Goreng dodonges = goreng rupa
Hampang birit = Daekan / Rajin babantu
Hampang leungeun = Rajin ngagebugan / tukang gegebug
Ieu aing uyah kidul = Boga rasa pangleuwihna ti pada batur, boh ngeunaan rupa, pangarti, pangaboga, pangkat atawa kakawasaan.
Jauh di jug - jug Anggang di teang = Meusing aya di mana wae pasti di teangan
Jiga Hayam ku tetelo = Bingung
Jiga Monyet nga gugulung Kalapa = pagawean nu moal aya anggeusna kitu
Ka cai jadi sa leuwi, ka darat jadi salogak = Istilah istilah ini sering digunakan untuk menyatakan harapan dan do'a untuk pasangan yang baru menikah yang maksudnya adalah baik dalam keadan baik maupun buruk mereka tetap bersama
Kaceluk ka awun-awun, kawentar ka janapria, kakoncara ka mancanagara = tos janten selebritis tea / terkenal
Kajeun panas tonggong,asal tiis beuteung = kajeun cape di gawe, asal bisa dahar kalawan cukup
Kasarung = Ke sasar / sasab
Kawas cai dina daun taleus = teu aya tapakna kitu
Kawas nanggeuy endog beubeureumna = diogo kitu
Keok samemeh di pacok = Eleh sa'acan perang
Kokolot begog = sok dewasa
Kokoro manggih Mulud = anu saumur2 miskin,tuluy dina hiji waktu pinanggih jeung kamuliaan atawa rejeki anu gede,sasarina sok pohara kacemekanana .nepi ka siga nu mangpang-meungpeung.
Kurung Batok = Ketinggalan jaman/gak gaul
Lain lantung tambuh laku, lain lentang tanpa beja lain leumpang maladra = Indit ti imah kalawan ngandung maksud anu tangtu, lain lapmah sakaparan paran henteu puguh anu dijugjug
Lain lantung tambuh laku, lain lentang tanpa beja lain leumpang maladra = Indit ti imah kalawan ngandung maksud anu tangtu, lain lapmah sakaparan paran henteu puguh anu dijugjugJauh dijug-jug, anggang diteang
Legok tapak genteng kadek = Geus loba pangalaman
Lir ibarat meulah cai = anu di lakukeun tapi teu aya tapak2 na acan
Marebutkeun paisan kosong = marebutkeun nu taya gunana
Mobok manggih gorowong = Meunang jalan pikeun ngalaksanakeun kahayan
Monyet kapalingan jagong = tukang maling kapalingan,tukang tipu katipu
Moro Julang Ngaleupaskeun Peusing = contohna ngaleupaskeun kabogoh nu ayeuna kanggo milarian kabogoh nu anyar bari jeung can tangtu meunang
Mun teu ngoprek, moal nyapek. Mun teu ngakal moal ngakeul. Mun teu ngarah moal ngarih = Lamun teu digawe niar kipayah tangtu pisusaheun pikeun hirup
Nepak cai,malar ceret = ngihtiaran supaya rasiah nu aya di batur,di caritakeun ka urang
Neukteuk curuk dina pingping = belegug
Ngarawu kusiku = rewog / sarakah
Ngobah ngobah macan turu,ngusik ngusik ula mandi = ngaganggu atawa nyusahkeun ka gegeden, susah ka diri sorangan
Niti kawanci nincak kamangsa = dugi kana waktosna
Nu borok di rojok,nu titeuleum disimbeuhan = anu keur susah di tambah kasusahanna,nu keur nyeuri di tambah ka nyeurianna
Nu ngampar, ngampar. nu nabeuh, nabeuh = nu lapar, lapar. nu seubeuh,seubeuh = yang kaya makin kaya yang miskin makin miskin
Nulis nonggong = tukang fitnahcacak bodas = tukang mencuri pembicaraan, bahasa modern na mah tukang sadap atawa spy
Nyanggakeun suku genteng belokeun, beuheung teukteukeun, disiksik dikunyit kunyit, dicacag diwalang walang hartosna = Sumerah, masrahkeun diri rek dibeureum rek dihideung kari kumaha didinya bae, dina rumasa geus salah atawa rumasa boga dosa.
Pait daging, pahang tulang = jarang gering
Pur kuntul kari tunggul, lar gagak kari tunggak, tunggak kacuwatan daging = Dian cidrana anu diboreha, boreh anu katempuhan, kudu mayaran hutang anu dipangnanggungkeun
Rikrik gemik = hemat tea
Riung mungpulung = duduluran karumpul kabeh
Sialleutik burih = siuenan
Siga jurig tumpak kuda = suatu hil yang mustahal
Sulit ati belang bayah = teu kaopan kitu
Tamiang meulit ka bitis = Malines ka diri sorangan, jiga senjata makan tuan
Teu nalipak maneh = teu ningali kana diri sorangan
Tinggar kalongeun = malaweung
Titirah = ngungsi
Tunggul di rempug catang di rempag = Maen libas wae alias teu make aturan sagala hal nu goreng oge di tubruk wae.
Tuturut munding = nurutan batur bae,boh bener,boh salah
Ulated = kembang bawang (karesep)
Umur tunggang gunung, angen-angen pecat sawed = yang tua berjiwa muda
Uyah moal te'es ka luhur = sifat anak moal jauh tikolotna